Cari Blog Ini

Kamis, 15 Januari 2015

Nadhom Diniyah

1. Niat Ngaos
Niat Ngaos

Dupi nganiatan ngaos
Seueurna opat perkawis
Hiji niat karna Alloh
Ngalakonan parentahan

Kaduana niat miceun
kabodoan awak abdi
Supados janten salamet
Salamet dunya akherat

Katiluna mun tos timu
Niat bade dilakonan
Dilakonan kusorangan
Sareng sadaya rerencangan

Kaopatna niat ngaos
Ngahirup hirup agama
Agamana kangjeng nabi
Nabi utusan ilahi

Laa ilaaha illalloh
La maujuda illalloh
Didieu kieu ayeuna
Abdi tapak damel alloh

Laa ilaaha illalloh
La ma`buda illalloh
Ngadamel alloh nu ieu
Abdi bakti ka dzat alloh

Laa ilaaha illalloh
La matluba illalloh
Dipidamel kalakuan
Pedah parentah dzat alloh

Laa ilaaha illalloh
La maksuda illalloh
Dipidamel kalakuan
Ngala ridona dzat alloh


Maaf Bro...
Videonya masih rilis hehe...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar